Rabu, 24 Februari 2016



“BABALAKATAKAn”
Ku Abdul Aziz
     Kuring dilahirkeun di Garut ceuk beja,da kuring mah teu apal.Tapi sanggeus di pikir-pikir,di titenan eta omongan ceuk beja teh salah da ceuk kuring mah,naha bet salah? Kusabab kuring ngadenge yen lolobana nu ngalahirkeun mah di kasur da boh ieu mah di Rumah Sakit boh ieu mah di imah,”berarti kuring ge dilahirkeun teh di kasur,lain di Garut”,ucap kuring dina hate.
            Harita kuring geus nincak kelas IV SD.Hiji wanci kuring jeung babaturan sakola nyaeta Rina(erin),Sumi,Lutfi(alut),jeung Reki balik ti sakola.Samemeh balik kuring jeung babaturan geus biasa sok jajan heula ka Ma Epon (tukang dagang/warung di sakola),jajanan nu ku kuring dipikaresep nyaeta kurupuk katuncar jeung rujak cuka,kusabab lamun ngopi eta kurupuk dihijikeun jeung eta rujak cuka ni’matna moal aya,”bagaikan terbang ke langit ke tujuh”.Sangges jajan kuring jeung babaturan balik,ditengah jalan kuring papanggih jeung mang H.Rahmat bari nungtun munding nu rek dipeutingkeun ka gunung.Kuring sabenerna mah sieun da ku munding teh,tapi lamun aya anu bogana mah teu sieun-sieun teuing da di cang-cang,kusabab anu di cang-cangna ngan hiji nyaeta anu gedena hungkul,kuring ngahaja leumpang ka belah sisi da sieun ku eta munding.Teu lila kuring leumpang,suruntul teh si isma miheulaan leumpang,barang padeukeut jeung eta munding anu teu di cang-cang,manehna nepak kana bujur munding ku lengenna “plaaaaak”,eta munding langsung ngalieuk.Barang ngalieuk eta kuring kacida reuwasna,lamun ceuk barudak alay mah “reuwas tingkat dewa”,asa kabentar ku geledeg.Manehna lumpat ngabelecir,otomatis pan sakabehna lumpat kaasup kuring,eta munding merik ti tukang,duka kusabab naon tah eta munding teh bet merik,duka kusabab calana kuring meureun anu beureum warnana,duka kusabab naon da kuring mah teu nyaho.
            Kuring jeung babaturan lumpat satakerna bari langsung naek kana galengan sawah,bari eta galengan sawah teh karek meunang mopokan,atuh ngadelewo kajero sapatu kuring teh,bari diambekan deuih kunu boga sawah.Kuring jadi inget kana hiji lagu
“Susah senang kan datang silih berganti
Bagai roda-roda yang terus berputar
Hadapilah resapilah hidup ini
Jangan terlena jangan putus asa”
           
Tapi harita mah susah jeung senang teh bareng datangna,susahna kunaon?, susahna teh diambekan kunu boga sawah,sarta sapatu hurung nu kuring kotor ku leutak,tapi senengna kuring jeung babaturan teu katubruk ku munding.Harita kusabab kacida reuwasna awak teh ngageter,siga nu kabulusan.Kuring jeung babaturan babalakatakan seuseurian nepi ka cirambayan bari langsung ngajengjreng di sisi solokan kariih sakabehna.
            Ti barang balik sakola kuring teu ulin kamana-mana,cicing we di imah,diuk dina korsi hareupeun tv bari ngopi kulub suuk,meuni asa di bioskop we.
”Aziii…….z”sora nu geus teu aheng deui kadengena,nyaeta babaturan nu opatan
,”aya naon…?”walon kuring,
”teu aya nanaon..”
”ih gelo siah”,barudak seuseurian
”hayu urang ameng”,
”abi mah moal ameng,teu gaduh sendal”(padahal sandal mah aya),
”meuli atuh”,
”eh ieu barudak ngaharanakeun”ucap kuring dina jero hate,
kuring kaluar weh bari mawa sandal,
”hayu urang ka Lamping,basa kamari si bapa meuyeum cau dina keresek tuluy di kubur”ucap si erin,
”hayu”.
            Teu kungsi lila kuring jeung babaturan geus tepi di lamping,
”sok teangan da si bapa teh meuyeumna 3 sikat,tapi di pisah-pisah”ucap si erin,
”heueuh”walon kuring jeung babaturan.Teu kungsi lila si alut ngagorowok
 “rin ieu urang manggih,kadarieu geura bari mawa awi urang koreh”,
”heueuh”walon si erin bari lempang mawa awi,
”cruk…cruk…cruk”barang di koreh,bener we aya keresek hideung,pas di cokot teh aya cauan,eusina aya 5.

”ah ieu mah pas we hiji sewang”ucap si sumi bari langsung ngabagikeun eta cau.
”sok neangan deui”,
”heueuh”
,kurang leuwih sakitar 5 menitan,gorowok si reki”hey ieu urang ge manggih” bari langsung di jing-jing,barang di buka eta keresek eusina ngan aya 3,
”ah ieu mah sabeulah sewang”,
”heueuh bae weh,barudak cangkangna asupkeun deui kana keresek,urang kubur deui ngarah teu kapanggiheun ku si bapa,ngarah si bapa nyangkana lain ku  arurang”ucap si erin,
”heueuh”walon kuring jeung babaturan,
tah pas nu katilu si sumi ngagorowok “barudak kadarieu ieu aya deui  keresek,tapi ieu mah biye”,
”eta mah geus asak pisan meureun,bae weh da ngeunah”walon si alut
.Kuring mah cicing di saung,da geus sebeuh ngopi cau hiji sapotong ge,da tadina geus ngopi kulub suuk sarantang.
”sok-sok atuh geura bagikeun”ucap si reki bari siga nu lapar keneh
,”ke heula atuh”tembal si sumi bari nyumputkeun keresek katukangeun tonggongna,
suruntul teh si alut nyokot eta keresek,tapi ku sisumi di cekelan ,tungtungna mah eta keresek teh di parebutkeun,ku kabehan,betot ka dieu betot ka ditu nu tungtungna mah sobek weh eta keresek teh,sangkaan barudak mah anu aya dina eta keresek teh bener we cau,tapi barang sobek eta keresek burusut teh tai tina eta keresek teh,
”eeeeyyyyyyyyyyyy”barudak ngagorowok,
”jhahahaha”kuring babalakatakan seuseurian nepi ka cirambayan.
“jang azi…..zzz”gero si amang,
”aya naon mang??”,
”hayu anteur amang ka pasar”,
”bade naon mang??”,

”ieu rek meuli dompet,nu amang geus ruksak”.
Kuring atoh diajak ku mang Aos kapasar,da harita mah jarang alias tara ka pasar teh,taun kali meureun eta ge lamun diajak.
”barudak abdi mulang tipayun”,
”oh enya mangga”,indit weh kuring jeung mang Aos teh make motor.
            Barang tepi di pasar,mang Aos asup ka hiji toko anu nyadiakeun sagala rupa tina bahan kulit,aya jeket kulit,dompet,kantong,beubeur,jeung sajabana.
”priyogi naon pak?”Tanya si tukang dagang,
”ieu jang abdi teh wegah dompet”walon mang Aos,
 ”ohh…ieu pak ka palih dieu,mangga dipilih”ajak si tukang dagang bari nyodorkeun sababaraha hiji dompet,
”upami anu ieu sabaraha jang pangaosna??”,
”nu eta mah Rp.125.000 pak”,
”upami nu ieu”,
”Rp.175.000”,
”upami anu coklat??”,
 ”Rp.250.000”,
 ”upami anu itu??”bari nunjuk kana dompet anu aya dina etalase,
”itu mah Rp.300.000,da tina kulit sapi”,
”oh upami anu di gigirna?”,
”eta mah Rp.450.000,da tina kulit oray”,
”upami anu itu jang?”,
”Tah upami nu ieu mah Rp.600.000”,
”ey…meni mahal,naha tina kulit naon eta?”,


”tina kulit buaya pak”,walon tukang dagang bari rada ambek,teu ambek kumaha atuh  da si amang mah hayoh we nanya ari meuli henteu,
”aya anu murah teu???”,
”aya pak”
,”sabaraha hargana??”,
”Rp.10.000 pak”,
”Tina kulit naon eta??murah gening…”
,”kulit cau,bade???”bari ambek.
Eta kuring barang ngadenge omongan si tukang dagang kuring babalakatakan seuseurian nepi ka nyeuri kulit beuteung, sigana dina hate mang Aos benduna ngabedeg sagede gunung meureun malah boa gede pisan,
”hayu ah urang balik isuk deui weh”ajak mang Aos bari nyelah motor ”lagedut….lagedut…cekes..kes..kes..cekes…kes..kes”biur weh kuring jeung mang Aos balik.
            Jam geus nunjukkeun yen waktu geus sareupna,tapi langit caang moncorong ku layung kayaning kaayaan isuk-isuk anu caang ku panon poe,barudak rabul arindit ngaji.
”azii….zzz hayu ngaji…!”sampeur si sumi jeung si erin,
”ke dagoan…”bari lumpat nyokot kopeah jeung sarung,
”aziz kadieu heula sakeudeung”,
”aya naon??”,
”hayu engke urang jailan si alut…”,
”naha kunaon kitu…???”lamun ceuk barudak ayeuna mah “meni kepo”,
”abdi geura kamari dijailan ku sialut,meni reuwas kacida,nyawa jeung raga teh meni nepi ka asa coplok,asa papisah….”,
”heueuh bae atuh da asa mah jauh ka enya…”,
 “heueuh atuh da abdi ge rada aneh ningali sialut teh,tara biasana hayang balik sorangan da borangan si alut mah.Biasana ge sok bareng wae jeung abdi sanajan peuting balikna,sok ngadagoan we..”,

”terus…”,
”lain terus-terus,heueuh singhoreng teh matak balik pang heulana teh rek ngajailan abdi,tah engke urang jailan nya,,heueuh???”,
”oh….heueuh atuh”.
            Barang beres ngaji kuring,si sumi jeung si erin balik pangheulana,si alut jeung si reki mah masih keneh di masjid,kuring tiluan nyumput di kandang domba.
”abdi deuk make mukena”ucap si sumi bari langsung make mukena,
”ah abdi ge rek make”walon si erin,
”aziz yeuh pake weh mukena ka handapna”ucap si sumi bari nyodorkeun mukena kahandapna,
”heueuh deuh atuh”bari nyokot eta mukena terus langsung ku kuring di pake,
”abdi jeung si erin ti belah kidul,aziz ti belah kaler…”,
”heueuh”,
teu kungsi lila si alut jeung si reki datang bari nyorot jalan make batre tina gasolin,
”tuh geus datang siap-siap….”ucap si sumi bari ngabeberkeun mukenana,
si alut jeung si reki geus ngedeukeutan,kurang leuwih sakitar lima lengkahan deui, ”1….2……3…..DAAA...AAA…RRRR….”gorowok kuring tiluan bari ngagarajleng.
Si alut jeung si reki ngagerebeg saroakeun bari ngagorowok sataker kebek”AAA….AAAAAAAAA…AAAAAAAAAAAAA..AAAAAAAAAAAA..”
Kubakat reuwasna meureun manehna langsung nyokot tai domba anu aya dina karung di gigireunana,nu rek di jieun gemuk,bari langsung di awurkeun ka kuring tiluan,eta kuring babalakatakan seuseurian bari cirambayan nepi ka ngiihan sorangan.
Teu lila sanggeus kitu kuring balik ka imah,tapi samemeh balik kuring ka pancuran heula rek beberesih bari mandi sapotong,da kareunang.Barang balik ka imah pun biang geus nyampak ngadagoan dina korsi,
“ku naon eta calana baraseuh…??”Tanya pun biang
“tadi labuh kana kulah masjid,,”walon kuring

“gera ganti atuh bisi asup angin”
“muhun”
            Kuring ngalengkahkeun dua suku bari langsung indit ka kamar rek ganti calana,teu lila sanggeus ganti calana kuring langsung sare,da isukan rek sakola.

0 komentar:

Posting Komentar