Rabu, 24 Februari 2016


Karya : Alpi Fauzi 
               XI IPA 1

Sumber :Google
 
Caangna bulan sabit dilangit teu sae'ndah cahaya mane'hna lamun keur seuri, tiisna ieu angin nu ngahiliwir teu satiis mane'hna lamun keur ngobrol. Teu beurang teu peuting naha hate' te'h bet inget wae' ka mane'hna, boa kitu ieu nu ngarana cinta te'h ? .. Eh aduh naha ieute'h bet jadi ngalantur . Kuring gura giru hudang dina tempat sare' re'k indit mandi.
"Ujang, burukeun gera sarapan heula ieu lauk jeung tempe haneut ke'ne'h ".
"Muhun ke' antosan sakedap pameng ieu nuju dikolor".
Indung kuring nu pang bageurna saalam dunya unggal isuk-isuk sok nyiapkeun jang sarapan, memang lain beja kanyaah kolot mah eweh saingan nana jeung kanyaah nu se'je'n, sakapeungmah sok ngarasa e'ra ari geus jebrog kieu masih nga hesekeun kolot ke'ne'h te'h.
"Ujang, bukuna atos di e'ntepan ?".
"Atos mah, ujang angkat heula , assalamu'alaikum".
"Muhun sok jang sing ati-ati, wa'alaikumsalam".
Kuring indit bari sun tangan heula ka kolot, na jero hate' ngadu'a mugi kolot te'h sing di panjangkeun yuswana, dilapangkeun panto rezekina aamiin ...
Henteu lila kuring leumpang dina pakarangan, re't ninggali neng nina ngakod kantong, kuring ereun heula bari nga gereneng dina jero hate' 'gusti meni geulis, jangkung lempay amis seurina'. Kuring langsung lumpat bari nga gupayan.
"Neng nina, bade' angkat sakola ?".
"Muhun a ujang, bade' angkat sareng atuh ".
Henteu panjang pikir hate' bungah asa di tonjok congcot kuring langsung leumpang bareng duaan indit ka sakola. Kumejrot hate hayang ngobrol jeung mane'hna tapi naha biwir te'h bet asa ka konci teu bisa nguntap-nguntap acan. Teu kungsi lila leumpang teu karasa geus nepi deui di sakola.
Dijero kelas kuring asa henteu konsen diajar te'h inget wae ka manehna waktu leumpang babarengan tadi .
" ujang, bagean kahareup ayeuna !"
Gorowok ibu Imas nitah kahareup ngabuyarkeun fikiran urang anu keur nuter ka neng nina, kaparengan dijero kelas nuju pelajaran bahasa Indonesia .
" muhun bu abi, kapayun bade naon bu ?"
" nyaritakeun cita-cita ujang naon sok di hareup "
kuring cengkat bari bingung re'k nyarita naon dihareup. Sabenerna kuring te'h hayang jadi ABRI nuluykeun profesi abah nyepeng bedil ngabela nagara Indonesia , kuring leumpang kahareup .
"Assalamu'alaikum wr.wb(satuluyna ku kurinh di caritakeun ".
Bel sakola geus disada tanda jam pelajaran geus beres jeung waktuge nincak kana jam satengah 3. Pas leumpang ti jalan re't ninggali neng nina ku kuring langsung diberik, atoh hate' bisa balik bareng deui jeung neng nina balik cape di sakola disuguhan widadari anu geulis, nuhun gusti .
Isuk-isuk panon poe geus moncorong ti belah wetan, atos biasa jadwal isuk-isuk kuring siap-siap indit ka sakola . Teu disangka waktu indit papanggih deui jeung neng nina nu antukna indit bareng deui . kereteg dina jero hate' ngarasa aya nu beda, kuring ngarasa siga aya kacocokan jeung neng nina boa kitu ieu nu ngarana jodo te'h ? . Hiji waktu leumpang bareng jeung neng nina .
" a ujang, kunaon asa benten ayeunamh henteu siga biasana".
" neng teu karaosnya urang te'h parantos saling pikawanoh te'h tos rada lami , ngaraos betah aya wae sareng neng  nina te'h ".
" muhun a, teras kumaha atuh kahoyong aa "
" saleresna aa teh hoyong ngajak neng nina lalayaran dina samudra kabagjaan anu dibarengan hiukna ombak kasih sayang, manawi neng nina tiasa nampi aa "
" neng bagja pisan aa tiasa nyarios kitu, neng nampi a ujang ku karidhoan hate neng "
Teu karasa sakola teh'moal lila deui, 3 taun diajar di sakola ieu nu antukna bakal papisah jeung bakal ninggalkeun kenangan zaman waktu SMA . komo deui bakal ninggalkeun carita cinta jeung neng nina nu bakal jadi kenangan .
" neng tekaraos sakola te'h atos bade rengse'nya , minggon payun urang sadaya atos bade mayunan ujian nasional".
" muhun, pidu'ana we a kanggo sadaya kalancaranna ".
Obrolan kuring dina Sms jeung nina nina dina hiji waktu .
Ujian nasional beres, moal ninggali deui seurina babaturan di sakola, moal pacorok jonghok deui jeung sobat disakola, kuring ngarasa sedih bakal ninggalkeun ieu sakola. Tapi kuring kudu kuat ngejar cita-cita nepi ka sukses. Hiji waktu kuring angkat sareng bapa ngadaftarkeun kuring ka koramil hayang jadi ABRI , alhamdulillah kuring katarima sanggeuz ngilu tes sababaraha kali, kuring lulus milu pendidikan ka bandung salila 5 taun. Bakal ninggalkeun kahirupan lembur tepat kuring cicing, bakal ninggalkeun duriat hate nuaya dilembur.
" Neng, sateuacan na aa hapunteun pisan, aa bakal ninggalkeun neng nina dilembur ieu, aa bade pendidikan militer salami 5 taun di Bandung, bade ngejar cita-cita aa jadi ABRI, mugi neng ridho angkatna aa ka Bandung".
"Alhamdulillah atuh a , neng ridho dunya akherat pami ditinggalkeun ku aa karna ngejar cita-cita".
Raheut hate' sanggeus ngobrol kitu, tapi kuring kudu sumanget isukan geus moal aya deui dilembur, baju sareng perlengkapan kabeh disiapkeun ku mamah sareng bapa. Isuk-isuk nu ngadalingding kuring indit menta restu ka kolot bari ngakod ransel jeung koper .
Alhamdulillah teu karasa pendidikan 5 taun parantos beres dilakonan, ayeuna tinggal metik hasilna hese cape pendidikan ayeuna kuring geus boga pangkat, boga bekel jang hirup jeung ngabagjakeun kolot. Loba pangalaman anu karasa diditu. Ayeuna kuring diangkat dines dikota sorangan, bungah hate' henteu jauh teuing jeung kolot te'h . Katambahan bungah hate' meunang be'ja ti mamah nyaritakeun yen neng nina te'h sok mineng datang ka imah ngobrol jeung mamah ti saprak kuring eweuh. Neng nina satia ngadagoan kuring nepi ka balik ka lembur deui. kuring salut ku kasatiaan jeung kasabaran na neng nina ngadagoan . anjeuna oge ayeunamh parantos jadi apoteker da anjeuna kuliah di STFB salah sahiji universitas Farmasi nu aya di Bandung.  Kuring teu panjang pikir langsung indit ka imahna di barengan ku mamah sareng bapa rek ngalamar neng nina. sanggeus tidinya ngarencangan jang tanggal nikahan. Teu lila tidinya perjanjian suci dilaksanakeun bungah hate' duriat anu baheula leungit ayeuna balik deui jeung kabagjaan dunya akheratna .

0 komentar:

Posting Komentar