Rabu, 24 Februari 2016


Sumber : Google


Cinta nyatana mangrupa fitroh ti gusti Allah swt. Cinta anugerah anu pang gedena ti Allah swt.,satiap jalma anu ku Allah diciptakeun pasti aya rasa cinta dina hatena. Kitu wae jeung udin, udin nyatana hiji jalma anu dilahirkeun diperkampungan nyatana dikampung Cienog. Lalampahan hirup udin pinuh ku misteri ti lalampahan masantrenna,sakolana,hirupna,komo deui lalampahan cintana.

Udin hiji budak anu soleh,bageur,teu pulah pilih,someah  pokoknamah udin dilemburna matak di pikaresep ku masyarakat lemburna. Tatapina udin ngabogaan masalah anu mana budak anu saumuran siudin moal ngarasaan anu dialaman ku udin. Tikeur SD keneh udin ditinggalkeun ku inungna ka luar negeri,inung bapakna cerai waktu udin umur 8 bulan,bapakna kawin deui jeung anu sejen. Ayeuna udin keur sakola di salah sahiji Mts di lemburna. Ayeuna udin cicing jeung nini akina.

Dina kahirupan pastina urang ngabutuhkeun kanu ngarana babaturan atawa nulianna. Saruaning siudin,udin boga babaturan anu ngarana si Adit. Adit salah sahiji babaturan leutikna anu pang akrabna jeung siudin. Adit babaturan anu setia ngabaturan udin dina waktu susah atawa bungah.

Hiji waktu udin jeung adit rek lalajo mubaligh di hiji kampong. “diiiiiiiiit” (sora udin nyampeur ka adit),”kulan din,kela sakedap “ ( adit ngajawab bri rurusuhan). Saeungeus adit kaluar tibumina langsung udin berangkat ka acara muludan tea. Jarak tibumi adit ka tempat acara muludan lumayan cukup jauh, waktu keur diperjalanan udin ngobrolkeun mubaligh anu bakal tampil dina acara muludan. “dit dit dit,terang teu ayeuna saha mubaligh anu bakal tampil teh ? “ ( udin nanya ka adit bari sumanget ), “saurnamah Ustadz Kh.Jujun Zunaedi din, naha kitu ? “ ( adit malik nanya ka udin.” Wah, maenya dit “ ( udin ngajawab beuki leuwih sumanget) , “ muhun dit leres “ ( jawab adit).

Salila diperjalanan udin hayang buru-buru nepi ka tempat acara,kumargi eta mubaligh teh idola udin ti keur leutik. Waktuna nepi ka tempat acara udin langsung diuk ditempat panghareupna sangkan bisa ninggali jelas anu diidolakeunanaa tikeur leutik. Waktu acara dimulai udin ngaregepkeun naon anu disampaikeun ku mubaligh ti awal nepi ka akhir.

Saatos rengse acara,udin mulang deui kaimahna jeung adit. Diperjalanan adit nanya kaudin tara-tara udin diuk panghareupna pisan. “din din,tadi ente meni siganateh sumanget pisan lalajo acara muludan teh komo pas bagean mubaligh nyampaikeun siganateh ngaregepkeun pisan din ? ( adit nanya bari beungeut anu heran ) . “ oh naha kitu dit “ ( udin ngajawab biasa),”henteu tara-tara we din “ ( adit ngajawab sabaraning masih aya heran keneh), “ kaleresan dit eta teh mubaligh anu ku ana di idolakeun ti keur alit keneh,sajabaning ti eta ana teh hoyong pisan siga mubaligh anu namina pak jujun tadi teh dit,anjeuna jalma biasa tapi bisa ka sohor dugi ka mancanagara dit ,ari cita-cita anamah hoyong janten jalmi anu berguna kangge agama nusa jeung bangsa tur hoyong ngarubah darajat keluarga ana dit” ( jawab adit sabaraning tungkul nafakuran diri).

Lalampahan udin teh ayeuna teh Mts kelas 3 ahir, tinggal nungguan lulus atanapi henteuna. Saatosna bewara kelulusan disampaikeun ku kepala Mts nyatana udin lulus tina Ujian Nasional. Tinggal kahareupna udin hayang dituluykeun kamana, nyatana cita-cita udin luhur udin haying dituluykeun masantren sabaraning sakola dikotana,poknateh keur nambah-nambah pangalaman. Ari aditmah henteu dituluykeun da dicarek ku inungna ngan jadi kokolot lembur wae.

Saeunggeusna udin daftar kahiji sakola ternama dikotana ditambah kumasantren lalampahan udin beuki misterius. Manehna ngarasaan peurihna kahirupan dipasantren. Sugan susuganan naon anu dicita-citakeun kuudin kacapai. Nyatana bener lalampahan hirup jalma mah geus di atur ku dzat anu maha ngatur nyatana Allah swt,. Naon anu ku udin dicita-citakeun sakedik demi sakedik cikal bakal kasuksesan nu namina udin mulai aya kelemeng-kelemeng.

Kaayaan pasantren anu ku udin dicicingan kaayaan nana teu beda jauh anu dilembur. Timulai nyangu,masak,nyeuseuh jeung sajabina ampir sarua. Dipasantren udin hiji murid anu matak sakapeung ngaramekeun suasan sakapeung ngarubah suasana jadi tegang, jeung deuih udin teu pati dikenal kuguruna da ngajina bulang bentong da ngiluan keterampilan disakolana. Tapi lila kalilaan ku hikmah ngiluan keterampilan udin kapake dipasantrenna tukang ngomekeun listrik,tidinya oge udin dikenal kuguruna sabab sok ngaanteurkeun guruna pangaosan.

Hikmahna udin dipasantrenkeun bari sakola udin meunang pangalaman anu mana pengalam eta anu matak jadi cikal bakal kan kasuksesan udin. Hikmahna udin bisa ngabagi waktu antara pasantren jeung sakola,ditambah ku keterampilan jeung organisasi. Salian udin aktif diketerampilan udin oge aktif dina organisasi,tapi oragnisasina anu menjurus kana kaagamaan sabangsaning rohis. Disakola udin dikenal ku babaturan anu palinter karasep jeung gareulis,tapi kaayaan udin nu biasa-biasa kadang udin minder ti babaturanna.

Anu ngajadikeun udin babari akrab jeung diakraban nyatana kaayaan udin anu saayana,bageur,soleh,someah anu matak pikareseupeun batur sajabi ti eta lamun aya kuympulan atanapi keur sharing atanapi ngobrol anu ngajadikeun jimat udin nyaeta udin dok bisa ngalucu dadakan. Da lamun ditingali tian beungeut udinmah teu pati kasep kulitna sawo matang tapi henteu sawo burukmah.

Hiji waktu udin ngobrol jeung babaturan anu jadi juara umum disakolan “ udin din kadieu heula sakedap ! “ ( iren ngagentraan udin ) “ aya naon ren ? “ (jawab udin), “udin kan jago kana komputerna ,punten pang ngalereskeun laptop nu abilah “ ( iren ngamohon ka udin) “oh mangga ren”(udin ngajawab ). Tidinya anu ngajadikeun udin jeung iren deukeut tapi lain bobogohan ngan saukur babaturan. 

Lain iren hungkul anu jadi babaturan deukeut udin aya deui nyaeta Fatimah , Fatimah murid pang pinter dikelasna malahan juara umum ngan beda jurusan jeng iren. Kaakraban udin jeung Fatimah mah tina organisasi anu ku udin dipiluan. Awal cikal bakal cita-cita udin haying jadi mubaligh saperti pak jujun tina ngiluan organisasi anu ngajurus kana keagamaan. Saeunggeusna kaka kelas udin lengser tina jabatan organisasina,udin ditunjuk ku Pembina organisasina jadi sekertaris da pedah weh udin mah boga laptop tur bisa ngagunakeun nana.

Hiji mangsa udin jeung rengrengan organisasina ngayakeun acara rajaban disakolana. Kabetulan oge mubaligh anu diondang kusakola the nyaeta Pak Jujun,udin bungah amar watah sutah sabab manehna bisa paamprok jonghok jeung idolana lain ngan saukur dina panggung,tapi bisa ngobrol jeung Pak Jujun da sakola mere kabebasan Ka Tim Panitia supaya deukeut jeung tamu ondangan hususna Mubaligh.

Kaayaan udin anu bungah sabab manehna bakal pangih ngobrol jeung anu di idolakeun ti keur leutik. Saeunggeus beres acara udin langsung dipoto tur ngobrol jeung mubaligh. “ bapak bade tumaros,dupi bapa hoyong janteun kieu ngaraosan peurih heula pak “ ( udin nanya ka Pak Jujun kubahas anu lemah lembut ),” jang kasep kabeh jalma lamun haying sukses dunia akherat pasti ngalaman peurih ,teu aya jalma anu ujug-ujug sukses teu aya kapeurih heula “ ( waler pak Jujun tegas ).
Tidinya udin ngarasa sumanget deui, lantaran tikulawargana ngan manehna anu dituluykeun sakola bari masantren. Kahayang udin beuki luhur pas Pak Jujun ngaluarkeun kata-kata kieu “ Kasep ayeuna urang ulah minder latar belakang kulawarga urang saha inung urang tukang tani bapak urang tukang ngabedug teu ngajamin anu kolotna pengusaha anakna sukses,anu kolotna guru anakna bakal jadi guru teu ngajamin kasep,da etamah tergantung niat urang sakola niat urang masantren urang haying jadi naon keur kahareupna . Naha urang teh bakal jadi sampah masyarakat atawqa jadi anu diarep-arep ku masyarakat” ( Pak Jujun Masihan Motivasi Ka udin) . 

Udin ngarasa bungah ngarasa bahwa manehna bisa ngacapai sakabeh cita-citana. Ditambah kubabaturan anu nyumangetan udin,udin tamba-tambah sumanget dina diajarna jeung ngajina. Salila disakola jeung dipasantren elmu anu ku udin ditarima ku udin di amalkeun sakedik demi sakedik,anu mana ku kabarokahan elmu udin akhirna udin kapake ku masyarakat dilingkunganna.

Akhirna udin bisa mawa darajat kulawargana dimasyarak luas. Yen anjeunna anu jadi bukti sabab bahwa kasuksesan henteu diukur kukabeungharan,kukakasepan,kukageulisan tapi kupengorbanan anu ku urang dikorbankeun dina waktu urang ngaraih cita-cita atawa kahayang urang. Eujeung deuih ku kaalusan akhlak anu jadi sabab ngababarikeun urang deukeut jeung batur,kenal jeung batur tur kapake kubatur . Ayeuna udin jadi mubaligh ternama di Daerahna hususna umumna di nagarana.

0 komentar:

Posting Komentar